Monday, March 12, 2018

TAWAKAL NU MAWA BAGJA

Kabiasaan sabagean urang, milih mentingkeun bungah sorangan tibatan mere ka bungah ka batur.
Tapi sabenernamah... syah- syah wae.. da eta mah hak azasi masing- masing. Tapi hente bagi kuring, idialisme kuring nyarita yen mere kasempatan batur bungah , hiji kapuasan sorangan, beda jeung urang milih bungah dinna kateu ngeunah batur. Bakal aya rasa teu teunang, rasa bersalah teurus jadi kalangkang nu bakal nutur nutur kahirupan urang.
Nu jadi conto, kuring inditna ka Kalimantan.. mawa hate.. nu marojengja .. antara nyingharep ka kang Dadang atawa ka Nur. Nu duanan nyimpen perasaan nu sarua ka kuring. Lamun seg kudu milih salah sahiji, pasti bakal aya nu nyeuri hate nu diakibatkeun ku kabijakan nu di pilih kuring.
Prinsip kuring kitu taya lain pepeling nu seuring ka tarima ti bapa (abah) ti baheula. Abah selalu ngomong mun seg kudu milih pilihan..mening si ciduhan batur ti batan kudu nyiduhan batur. Mun kudu jujur, kuring narimana tawaran ka Kalimantan, ngahaja nyingkahan... masalah nu te bisa kuring nyelesaikan. Lain kuring pengecut, tapi ieu masalah hate, kuring inggis aya nu ka raheutan hatena.
Matak kuring milih indit , ngabebaskeun .. duanana keur milih nasibna sorangan... sina waktu..nu bakal mutuskeuna.
Beban kuring geus ngurangan.. lain teu peurih ngadenge Nur, larabi jeung pilihan kolotna. Tapi eta nu leuwih hade ti batan nungguan kuring nu can jeulaa jeung can pasti.
Balikna na kuring ka jawa ka hiji namah sono ka kolot jeung kadulur, kaduana kuring ingeut ka Danisa nu geus di tinggalkeun ku indungna keur sateurusna.
Kang Dadang apaleun kuring balik , tapi kuring milih datang sorangan ka imahna takjiah.
Poe saptu sore kuring ka imahna, teu poho oleh" keur Danisa nu geus di siapkeun ti ditu keneh.
Pas amprok budak teh teu poho padahal lumayan lila kuring teu panggih, gabrug budak teh ngagabrug siga nu sono.. ateuuu ceunah.. ku kuring budak teh di galentoran.. bari teu karasa budak teh di cengceurikan ras ku nasibna.. leutik keneh geus di tinggalkeun ku indungna. Ateeu kemana ajah ga.. ngajak Danisa main udah lama... Danisa rindu Danisa sayaang ateeu.. bari teu lesot dina tangkeupan kuring.
Ia sayaang ateeu juga sayaang Danisa, ceuuk kuring bari sarua teu ngaleupaskeun tangkeupana.
Kang Dadang ngan saukur meulong bari ngarembeung ka gagas ku anakna nu hanaang ku kanyaah indung.
Rada lila kuring di imahna ..ngobrol kaditu kadieu. Teu nyadar Danisa sare dina lahunan kuring bari nanangkeup oleh" ti kuring, nu ti tadi budak teh teu ingkah dina lahunan .
"Kang! Danisa bobo" ceuk kuring bari nyium tarang budak. "" ee ..ke urang alihkeun heula, beurat temenan ti tatadi di lahunan, Ayeuna mah Danisa teh tos beurat, 6 tahun tea atuh..,,,
**Enya kang teu karaosnya.... ageung weh**. Ceuk kuring bari ngasongkeun Danisa ka kang Dadang
Teu lila kuring pamit .. di anterkeu ku kang Dadang kana motor. " Is! Enjing akang bade ka abah aya picarioskeuneun " ceuk kang Dadang bari majukeun motorna. Kuring nga manggakeun bari ungeuk... Hanca..

Wednesday, March 7, 2018

TEU NYANGKA JANG EMOD MURID PINTER PISAN

Kapala Sakola (KS) naros ka Ibu Guru, “Saurna di kelas hiji aya murid pinter?”

“Muhun Pak, namina Ujang Emod,”

“Cobi sina kadieu, urang tes di dieu.”

Di ruang kantorna, Pak KS ngetes Emod etang2an, IPA, sareng sajarah. Emod lancar ngajawab.

Pak KS, “Mangga ayeuna tes ku Ibu.”

Bu Guru, “Naon ngaranna anu hurup awalna K hurup akhirna L, anu bisa heuras jeung bisa leuleus?”

(Ngadangu patarosan kitu, Pak KS kaget, bari olohok)

Emod, “KETEPEL."

***

Ibu Guru, “Naon anu hurup awalna M huruf akhirna K, di tengah2na aya kacang?”

(Pak KS mangkin tegang, bari kerung ngadangu patarosan ka-2)

Emod, “MARTABAK"

***

Ibu Guru, “Naon anu biasa dilakukeun ku anu bobogohan kalewat bates aturan dina tengah peuting. Hurup awalna N huruf akhirna T."

(Pak KS kaget ku patarosan ieu. Molotot ka Ibu Guru)

Emod, ““NONGTON MIDNAIT.”

***

Pak KS motong Ibu Guru anu bade naros deui,

“Ieu Emod sigana mah pantesna sakola di Universitas. Bapak anu tos S2, tadi salah wae ngajawab soal tes ti Bu Guru.”

HAYANG SEURI HA HA HA : ABAH NANGKEP SPG

Hiji wanci Abah papisah sareng Ambu di tingkat 5 Mall. Abah culak cileuk kerung, ngadeg di payuneun toko parfum.

SPG, "Mangga Pak bilih bade ngagaleuh parfum."

Abah, "Ieu Abah papisah jeung Ambu."

SPG, "Ka bagean informasi wae Bah, diumumkeun."

Abah, "Di mana eta tempatna?"

SPG, "Di tingkat hiji."

Abah, "Walah.. moal bisa, Ieu Abah ka dieu teh rek ngaganti kacamata sakalian jalan2 jeung Ambu.. Tetempoan Abah jadi rumeuk."

SPG, "Nyuhunkeun bantuan satpam Bah."

Abah, "Tararangel. Kieu wae. Abah menta bantuan Nyai."

SPG, "Bantuan naon?"

Abah, "Di dieu yeuh di hareupeun toko, Abah nangkeup taktak Nyai. Da moal aya anu timburuan, dianggap anak wae.. Engke lamun aya Nini2 anu jojorowokan bari ngacungkeun sendal, tah eta pasti Ambu, pamajikan Abah."

SPG, " Hehehe... mangga lah. Karunya ka Abah.."

Bari nangkeup si SPG Abah ngajak ngobrol, "Baheula kuduna mah Abah neangan pipamajikaneun di Mol, lain di kampung."

SPG, "Ku naon kitu Bah?"

Abah, "Beda bauna ari awewe di Mol mah. Duka teuing ari rasana mah.""
===

Eta si Abah..
padahal pami ngadeg teu bari nangkeup Spg.. nya tangtu katingali ku Ambu..

Tuesday, March 6, 2018

CARPON NU NYIEUN PERTANYAAN :SAHA NU SALAH HA HA HA

Poe senen harita,kuring dititah ku dunungan...
Ceuk dunungan kieu: "pang mayarkeun pajak kendaraan nya???...
carita rahayat sundaCeuk kuring kieu: "mangga...terus weh dunungan ngasongkeun surat kendaraan jeung duitna...nu kudu dibayarna eta pajak 550rb,nya dunungan ngasongkeun duit 600rb....langsung weh kuring balik,.da waktu harita kuring digawe kuli sapoe sapeuting/24jm...tadina kuring rek langsung ka kantor pajak kendaraan...kusabab isuk keneh,kuring balik heula ka imah...tos di imah,kuring carita kanu jd pamajikan,yen dititah ku dunungan mayar pajak kendaraan...ceuk pamajikan kieu;kendaraan nu dunungan atawa nu perusahaan...ceuk kuring teh,nu dunungan...
Terus kuring bingung,ngadu kanu jadi pamajikan...waktu ieu aya janji,kudu anggeus pagawean di imah(panghasilan tambahan).
Ceuk pamajikan...keun weh ku kuring nu indit mayar pajakmah...sok wae gawean eta(panghasilan tambahan)pan boga janji kudu anggeus poe ayeuna...terus pamajikan nanya,ari ongkosna kumaha?...ceuk kuring teh,sok weh duit sorangan pake,da dununganmah teu mere ongkosna,.langsung pamajikan indit,...bakat kulila kuring nelepon ka pamajikan,naha meuni lila,.ceuk pamajikan,pan poe senen,jaba antrina panjang nepi ka jalan raya...jam satengah 12,.pamajikan datang ka imah...kuring sasadu menta hampura kanu jadi pamajikan,kusabab tos nitah,jaba kabayang ku panasna,antriana...
Poe isukna....langsung eta surat kendaraan diberekeun ka dunungan jeung pamulangana 47rb....langsung dunungan nganuhunkeun ka kuring,terus pamulangana dirawatan ku dunungan...
Kuring ngan saukur narik napas,ari sugan teh rek dibikeun ka kuring pamulangana...kilang bara mere ongkos,jeung meuli cai waktu antri dikantor pajak,...jang pamajikan kuring,."kuring teu wani menta ka dunungan,jang ngagantian ka pamajikan....ongkos ka kantor pajak....cik saha nu salah?...naha kuring teu wani menta?...
Atawa dunungan nu teu ngartikeun...!
Ieumah urusan sorangan,da lain urusan kantor...
*SAHA NU SALAH*....
Cag...nepi kadieu lalakon kuring dikota..

CARPON : BAGJA NU MAWA CILAKA (MAWAS DIRI)

Dina hiji mangsa aya pamuda anu cicing di juru kamar bari culang cileung siga nu jauh panineungan sebat bae eta pamuda teh di saud...maneh na ker mikiran isin ku titel jomblo bari unggal aya nu kawin pasti anjeuna di sindirn ku tatanggi na iraha rek kawin
Saud mangrupikn pamuda anu tos ka asup baleg ngagaduhan parawakan jangkung alit tapi can payu ka istri ku sabab kitu warga lembur nyebat si saud teh jomblo te payu...padahal ges baraha kali bobogohan mung istri nu janten k bogoh na ujung na di kawin batur...kesel,aral eta Saud mun mikir ka pelebah dinya
Te kungsi lila saud kaluar ti imah bari keukeuh hate na kesel teu manggih tung tung nu aya dina fikiran na ngan hayang ningalkeun alam dunya...atawa maehan diri
carita rahayat sundaKu sabab setan ges ngarasuk kana manah sapanjang jalan saud mikir kmh cara na maehan diri tapi nu langsung maot (pipikiran Saud muter dina akal na)nepika ka pikir ku anjeuna rek ngajanteng di tengah jalan supaos aya mobil nu ngalindes anjeuna maot,sa jam saud nangtung di tengah jalan tapi eta mobil taya nungalangkung hiji2 acan
Saud: nahaa iyeu teh mobil te aya nungalangkung padahal abi siap di lindes mana cangkeul iyeu sampean (cek saud gegerentes dina manah na)
Padahal dina waktos harita eta jalan di tutup ku polisi ku sabab di beh ditu na rek aya rajiaan..gagal tah niat na
Teras anjeuna neangan deui cara nu sanes nyaeta bade ngajol ka jurang nyanghareupan kebon enteh cek pipikiran na ku sabab saud ges pondok hareupan ...di tingalian eta ku saud jurang teh samemeh luncat bari nyarios dina manah
Saud :aah iyeu lumayan jurang na te jero teuing tapi siga na mh mun luncat langsung maot..(gerentes na dina manah lain mikir kana dosa eta saud waktos harita )
"Guuubraaagg" ngajol eta si saud gugulitikan ti luhur ninggang eureunn ka hiji randa bahenol nu waktos harita anjeuna nuju metik enteh di dinya...
Randa:aaaaaaawwww naon iyeu teh nu ninggang ti luhur gustiii (ari pas nalika ka pengkeur terpesona eta randa ningali pameget nu ngagubrag ti luhur ninggang k anjeuna )
Nyakitu deui saud terpesona jeung te nyangka bahwa niat na maehan diri teh kalah di panggihkn jeung rejeky
Saud: nneengg punten nya..akang sareng cinta akang murag ti luhur (deg degan eta Saud nyarios bari ngagombal ka eta randa tina pikiran na sugan aya jodo)
Nya kitu deui randa sabalik na sugan iyeu jodo anu ragrag ti langit teh pikir na!!!
Ngaluaskeun eta Saud harita langsung nyarios te ningal waktos ku sabab tos te kiat hyg gera kawin...
Cek saud:neng randa akang bujang ibarat na neng +akang - janten = "(cek Saud make bahasa isyarat )
Randa: maksud akang?? (Cek randa kurang ngartos )
Saud: enya hartosna AKU+KAMU=KITA ,teras KITA bertemu CINTA=KUA
nya puguh atuh eta randa bungah ku sabab manggih bujang poe harita..
Bagja Saud bobogohan jeng eta randa dunia nu tadi na suram janten berwarna pikir nu tadi na hyg maot teh berubah hayang nambahan yuswa na...saking ku bungah na eta Saud di gulung ku cinta nepika poho anjeuna na ka nu kawasa lain loba syukur. .
Te di sangka te di duga da ari umur mh lain pangawasa manusa...hiji waktos Saud gagandengan lempang jeng ka bogoh na di jalan ku sabab cinta nu mawa buta eta saud lempang te ningal gigireun atau hareupeun "gubbraggg" saud jeng ka bogoh na ka tabrak mobil teras nuluy dina poe harita dipundut ku nu maha kawasa padahal anjeuna ker bagja di dunia tapi te syukur kana karunia pangeran ....janten leungit titel jomblo na di gentos ku titel almarhum (inna lillahi wa inna ilaihi rojii'uun )

Monday, March 5, 2018

JURUS JITU KA AWEWE : 3 NG

hiji jajaka sebut wae ngarana Nokarno Kumis, manehna geus 3 tahun jomblo, kusabab babaturan

saumurana mah geus kawin manehna datang ka hiji kyai anu kacida sohorna di kampung eta..

Karno : Kyai abdi teh hoyong enteng jodo kumaha carana nya.?

Kyai : hayang jodo anu kumaha atuh wan.?

carita rahayat sunda

Karno: nu puguh ,ah hayang anu geulis , jangkung lenjang, bodas, bageur deuih.

Kyai : Kudu ngajalankeun 3 NG No.

Karno : Naon pk kyai 3 NG teh.?

Kyai : NG nu kahiji nyaeta NGadu'a, menta ka Alloh urang dipaparin jodo sesuai anu dipikahayang ku Karno.

Karno : ampir tiap menit pak kyai, teu sirikna tiap detik ngadu'a teh...

Kyai : Berarti kudu ngajalnkeun NG nu kadua..

Karno : Naon tah pk kyai NG nu kadua teuh.??

Kyai : NG nu kadua nyaeta NGusahakeun, kudu ikhtiar ngadeukeutan awewe.

Karno : ah pk kyai teu sirikna sakampung ieu mah kabeh parawan, kabeh randa ge tos diajak nikah ku abdi ngan narolak wae aralimeun...(cek Nokarno ngomongna bari dumareuda)

Kyai : berarti kudu ngajalankeun NG nu katilu.

Karno : Naon NG nu katilu teh pk kyai.?

Kyai : NG nu katilu nyaeta NGeunteung, .... maneh teh atuda No beungeut pas pasan kitu ari

kahayang meni luhur...(cek pk kyai bari ngaleos)

Nokarno Ukur olohok bari ngagerentes na hatena ..alah boa boa heueuh urang teh goreng nya,,,???

HI HI HI HI HI HI

CARITA EMOD : RAJIN NEMPOAN POTO PAMAJIKANNA


carita rahayat sunda

Musabab Emod Rajin Nempoan Poto Pamajikanna.

Kacarioskeun Jang Emod jadi kuli kontrak kebon sawit di Kalimantan. Babaturanna heran,Emod mineng pisan nempoan poto di dompetna.


"Rajin pisan maneh nempoan poto dina dompet. Poto saha eta?"

"Poto pamajikan di kampung."

"Kunaon di tempoan wae. Sono?"

"Lamun Uing nempo poto pamajikan sagala rasa susah jeung sedih leungit. Teu karasa."

"Weh... atuh hebat pisan eta pamajikan maneh. Geulis?"

"Eh... di kebon leuweung kieu nempoan nu geulis mah bisa nambahan ripuh nahan napsu."

"Jadi kunaon atuh ditempoan wae?"

"Lamun keur sangsara tong ngabayangkeun kangeunahan, malah engke nambah ngarasa sangsara. Kudu ngabayangkeun kayaan anu leuwih sangsara. Ceuk papatah, hirup mah tong nempo wae ka luhur, malah kudu mindeng nempo ka handap, ambeh bisa syukur ku kaayaan."

"Naon hubunganna jeung pamajikan maneh?"

"Masalah, rasa cape jeung kariweuh Uing hirup jeung pamajikan di kampung, lebih riweuh tibatan hirup di dieu.". ha ha ha

CARITA AYEUNA JUDULNA SAKADANG MONYET ANU BALAGA PINTER TAPI BODO


carita rahayat sunda

Dina hiji carita aya sikadang monyet,anu ges ngarasa paling nyaho seluk beluk anu ngarana hirup di leuweung,dina hiji mangsa ay si kadang gajah anu manehna ngayakeun sendewara atawa Lomba,
Dina sendewara/Lomba iyeu,sikadang gajah nitah heeeeyyy balad" kami,cing saha~saha anu bisa meulak cau neupikeun ka buahan,ku aing di buruhan munding sarakit,
Ceuk si kadang gajah,
Tidina cung nangtung si kadang monyet,kami sanggup cek si kadang monyet,bari dina gereuntes hatena waaaah pangareusep aing nukieu mh,
Pok sikadang gajah ngomong deui,sok saha deui anu arek ngiluan?...
Teu Lila aya anu nembalan tibeulah kenca,kami sanggup ceunah,
Ari ret anu anu ngomong th geuning sikadang kuya,
Tidinya sikadang monyet anu beuki gede hate,sabab musuh aing dina iyeu sandewara teh si kadang monyet,
Dina gereunteus hate sikadang monyet,waaaah sia nyaho naon kuya,cara~cara meulak cau,sedangkeun hirup maneh mh unggal poe oge di cai,tangtu aiiiing anu pasti meunang iyeu Sandewara,sabab aing mh mh unggal usik ge ci"ng di gunung,
Panjang carita eta sakabeh sa"toan di narongton da ceunah hayang nyaho sandewara,
Teu Lila sikadang gajah mawa tangkal cau satangkal,eta tangkal cau anu hiji di potong di dua,
Sikadang gaja ngageuro,eta sikadang monyet jeung sikadang kuya,atuh luguyur eta dua nana nyalampeurkeun,
Sikadang gajah ngomong?
Kuya,monyet sok ayeuna ku maneh pilih ieu tangkal cau anu geus di potong dua,
Dasar sikadang monyet anu geus apal sapopoe hirup di leuweung,manehna buru" milih keputusan,
Ceuk kadang monyet?...urang anu bagian kaluhurna,dina gereunteus hate sikadang monyet,aing lamun milih anu kahandapna dek iraha boa' buahan na oge,pan aing pagawean di gunung nyaho cau mh buah nage sok tiluhurna,
Ny geus caritana sikadang kuya mah milih kahandapna atawa tunggulna,
Tidinya sikadang monyet geus atoh kacida bari asa mupuas ka sikadang kuya,
Ceuk si kadang monyet,ka si kadang kuya,moal meunang moaaaall kuya,ngalawanan aing mah,tapi sikadang cicing wae bari sabar manehna geus di poyok oge,
Dina gereuntes hate si kadang kuya,aaah kembae eleh mh,da ngaranage sandewara kudu aya eleh jeung meunag,
Panjang carita,ceub di ceu"bkeun eta si tangkal cau sewang"an,
Anu mana eta tangkal cau satangkal di potong dua,
Singkat carita gs 5,bulan sikadang gajah anu sakumaha nuna waktu eta sandewara,atuh caritana kumpu deui eta sakabeh sa"toan,
Ceuk sikadang gajah heeeeyyy balad" maraneh pada nyaho kabeh yen kami euker boga acara,barang dene kitu hayu urang saksian babarengan hasilna sandewara sikadang monyet jeung sikadang kuya,
Carita briiiiing ngabring kahiji tempat anu dimana ayana peu"lakan eta tangkal cau,
Singkat carita ges nepi weh kana eta tujuan,
Barang di tempo hasilna eta peulak cau meunang sikadang monyet,malah buruk si tangkal nateh boro" jauh kana buahan da puguh oge meulakna kaluhurna,
Teulila nempo hasilna sikadang kuya,wiiiiiihhh aeh" meuni alus pisan buahna malah mh arasak dina tangkalna,
Tidinya caritana sikadang monyet eleh tina eta sandewara th,anu tadina asa aing uyah pang kidulna,asa aing paling nyaho,
Tidinya sikadang monyet diuk jeung tungkul,ngalamun mikiran geuni aing eleh jajaten ku si kuya ceuk na pikirna,
Barang dene kitu sikadang gajah ngomong ka sikadang kuya,pok harita,kuya coba ala cau th da geus arasak,tapi sikadang kuya bingung nya kudu kmh aing ngalana da aing mh teu bisa naek,
Tidinya sikadang kuya bingung jeun mikiran kmha carana eta buah cau bisa ka ala,ceuk gereuntes hate sikadang kuya,waaah ku aing titah wae si monyet sabab mnehna mh tukangna kana msalah ta"ekan mh,si kadang kuya jung nangtung nyampereun sikadang monyet,
Pok ngomong sikadang kuya ka sikadang monyet,monyet cig lah pang ngalakeun eta buah cau teh,sabab si gajah hayang nyaho rasana,
Si monyet curinghak,bari buru" ngajawab heu'euh bae ku aing di ala'an,
Ceuk dina gereuntes hate na si monyet,keun siah ku aing di bawa kabur iyeu cau th kuya ahirna mnh butuh oge ka aing,tidinya pok deui si kadang monyet nanya,kuya arek iraha di alana eta buah cau th?...teu lila si kuya nembalan dagoan sakeudeung urang rek nyokot heula kantong,
Ceuk si monyet ngajawab,ny jig atuh buru" indit bawa kantongna,tpi si monyet oge teu wanieun kitu kieu da loba un nyaksian di"nyana kur tibang bisa ci"ng wae bari nungguan eta si kuya mawa kantong,
Singkat carita eta si kuya ges nepi ka imah nyokot kantong,tapi pas nyabak eta kantong tiba" si kuya boga prisangka goreng ka si monyet,
Ceuk dina gereuntes hatena eta si kuya,kmha lamun eta buah cau th ges di ala ku si monyet,ari gs hasil di bawa kabur,
Aing kudu kmh carana gs kieu,ceuk si kuya,
Manehna bingung jeung mikiran,teu lila manehna peureum sakeudeung ari baraaaay th,pikirana tiba" ceurah,waaah bari ungut"an sirahna iyeu mh kantongna kudu di kohokan ku aing siah,ceunaaaah bari ngomong sorangan,nya di kohokanlah si eta kantong teh handapna sangkan eta buah cau maloncor lamun di abuskeun teh,
Singkat carita ges nepi deui ka eta tempat th,bari song ngasongeun eta kantong ka si monyet,
Si monyet tidinya husu cug nangtung,lakacat naek kana eta tangkal cau tea,
Singkat carita carita si monyet gs nepi kaluhur eta tangkal bari metikan eta buah cau,
Dina gereuntes hate si monyet ku aing di bawa kabur siah kuya iye cau teh,hahahahahahaha seu"rian sorangan dina hatena,
Ari si kuya jeng sato". Anu Lian kabeh caricing di handapeun eta tangkal cau,
Ari si monyet jong'jon" wae di Luhur bari teu sidikna atoh sorangan da ceunah eta cau th arek di bawa kabur,
Singkat carita eta si monyet meutik hiji buah cau teh,nya di asupkeun kana eta kantong,tpi eta si buah cau murag nyeuplos kahandap da eta,si kantongna menang ngahaja di kohokan ku si kuya na,
Si monyet di Luhur cikikikkk~cikikikikkk bungah sorangan teu sadar yen buah cau mah anu di ala ku manehna mh kabeh oge maruragan langsung,teu nyaho anu di handap anu puguh mh balakecrakan ngadalaharan eta si buah cau,
Barang eta buah cau anu ker di ala ku si monyet kira" hiji deui,tidinya si monyet karek nyadar naha aing ngasupkeun iyeu cau teh ku hampang keneh ra"saan th,
Barang reeeet di bukakeun eta si kantong teh horeng simana horeng geuniiiiing kantong th bolong molongpong,reeet deui eta si monyet th ka sato" anu caricing di handapeun eta tangkal cau,baruuuuk ker pesta ngeunah" ngadalaharan eta buah cau,anu meunang ngalaan si monyet tea,tidinya si monyet ambeuk nafsu amarah kabeh kumpul ceuk dina pikirana aing teh tibang wae di manfaatkeun hungkul,
Dasar sikadang monyet baraya,anu ceuk tadina ngarasa aing pinter bari boga niat arek ngajahatan ka si kadang kuya,
Tung~tung namah manehna anu sangsara,
Cukup sakieu heula ke di lajut deui sabab kuring acan ngopi,,,

HEBOOH PISAN, ... BEDA NA WANI PRAJURIT DI TIAP NAGARA


carita rahayat sunda
aya tilu urang jendral ti tilu nagara nyaetaamerika , jepang jeung indonesia maranehna keur ngaragul-ngagul kawani prajuritna..

"prajurit dewek pangwaniana mah atuh,,
"ceuk jendral urg amerika..'
"sok atuh buktikeun.."!!,,"ceuk jendral urg jepang ."
okehlah..
"prajurit."
"siap pak"

"coba maneh naek tuh kanu tiang listrik terus luncat." si amerika paparentah...

"siap laksanakan .."'
ceuk si prajurit bari terekel kanu tiang listrik
gajleng weh luncat , gdbut ningang pisan sirahna kanu batu.. Hos weh paeh...,

"nya ceuk dewek ge wanian prajurit dewek mah.. Hahahaa,."si jend amerika seuri ngabarakatak..

"komo prajurit dewek mah wanian pisan..

"prajurit.."

"siap pak"

"tuh aya durukan ngabebela, maneh kudu asup ka eta durukan..!!" si jend urg jepang marentah ka anak buahna..

Na atuh ari gajleng teh , bener eta mah

eta si prajurit asup kanu durukan..

Gurubug , gurubug awakna gugurubugan da kabeuleum..,

hos weh paeh..,

"hahahahahaa... Tah kitu kawani prajurit dewek mh.."si jend jepang ngagakgak suka pisan..,
tah ayeuna bagean jendral urg indonesia

, dasar embung eleh ...,

"wiraatt"

"siap pak"

"maneh kudu ngadapang diluhureun rel , ke 10menit deui kareta datang.., kumaha sanggup.??.."si jendr indonesia ge teu eleh gos."

"nitah modar sia teh ka aing..??

Jug we sia hayang modar mah , teu sudi teuingg.."cep wirat poporongos ka komandana.."

"tuhh nya dengekeun ku sarilaing ,

bakat ku wanian2na

prajurit dewek mh

ka jendral ge wani ngalawan, nyarekan deuih... Hahahahaaa..

Bagus..bagus..bagus .....

Pohaaraaa...

Kumaha Caggeuurr... ???? ???? ????

Jang Emod jadi Komentator Biduan Orgen Tunggal

Emod jeung Asep ngilu jadi panitia acara di kantor Kacamatan anu dihadiran ku Pak Bupati.

Rengse acara aya hiburan nyanyi orgen tunggal.

Anu nyanyi ka hiji sorana pas-pasan, tapi geulis. Aya satengahna hadirin anu emprak.

Anu nyanyi kadua sabalikna,.henteu geulis tapi sorana hade pisan. Anu emprak lewih rame, kira-kira 60 persen ti anu narongton.
carita rahayat sunda
Emod heran, waktu anu nyanyi ka tilu, henteu geulis, sorana goreng ditambah tos rada kolot, tapi kabeh hadirin rame araremprak. Malah aya anu nangtung sagala bari ngacungkeun jempol.

Waktu ka toilet, Emod bari nangtung di toilet ngajak ngobrol Asep anu di gigireunna.

"Eta biduan anu katilu, geus kolot, beungetna euweuh tempoeun sorana goreng patut, Wawaniaan maksakeun maneh make nyanyi. Pede banget." ceuk Emod..

Si Asep teu nembalan. Kerung bari kucap kiceup.

"Eh... Uing mah ngomong sajujurna. Lain ngahina. Tapi aneh eta rame pisan diemprakan ku anu narongton. Urang Kacamatan sigana garering panonna, jeung ceulna eror kabeh. "

Si Asep teu nembalan. Malah pura2 teu ngadenge bari tunggkul. Terus buru-buru kaluar.

Kaluar ti toliet, Emod disampeurkeun si Asep.

"Eta anu nyanyi anu katilu anu ku maneh dipoyok, eta teh istrina Bupati."

"Heheh.. pantesan."

"Waktu di toilet tadi, Pak Bupatina kiih di ggireun maneh. Mangkana Uing ciciing teu nembalan."

Emod langsung pias, terus balik... Ngaciirr....

MUJARAB : RESEP AWAET ANOM TI JANG EMOD

Babaturan Jang Emod silih agulkeun jumlah babaturanna di pesbuk.

Jang Emod masang postingan di akun pesbukna:

Resep Awet Anom:

carita rahayat sundaBahan: Madu, jahe, jeruk nipis, honje, rebung, sereh, kalapa dewegan, gula kawung, caruluk, nangka.

Hasiat: ngencengkeun kulit pipi, ngagomplokkeun sareng
ngahideungkeun rambut huisan sareng kangge anu botak, panon janten herang. Hasiat sanesna: tanaga janten kiat.

Resep ieu atos diuji puluhan taun, hasilna 99 % manjur.

Rahasia cara ngolah sareng cara ngaleueutna bade dibuka upami anggota akun ieu atos 5 rebu.

Teu nepika sabulan, akun Jang Emod atos pinuh 5 rebu.

Jreng, Jang Emod muka rusiahna:

Cara ngolahna: sadayana eta bahan diblender.

Kedah dileueut waktos yuswa 17 - 20 taun.

Pami yuswana tos kalangkungan, nya kedah nyadar.

CARPON :PANGALAMAN NYI IMAS JADI TKW ... SIIPLAH

carita rahayat sunda
Di hiji lembur ka sebat hiji wanoja anu ngagaduhan pameunteu geulis tur camperenik,someah ka saha wae kawas bentang nu nuju ka sohor dina waktos harita sarta anjeuna ka lebet murangkalih anu ngabaktos kanu janten ibu rama na...

Neng imas, tah eta nami anu sok di sebat kn ku wargi kampung dayeuh palih lebak mun ningali anjeuna na ngalangkung di jalan....

Neng imas mh ker geulis teh bear manah na ku sabab anjeuna na mh te tegaan kanu janten ibu rama mun ningal ka susah ningal ka peurih hirup sa aya2 tapi seuer pangabutuh na komo deui mun ningal rama na nu kantos sepuh sarta teu damang wae komo bari ningal rai2 na nu masih keneh aralit bari rea...merenung neng imas sarta mikiran kumaha cara na nulungan anu tiasa ngabantos kanu janten ibu rama...supaos teu susah.

...........Singkat carita.....

Aya hiji sponsor nu nawis kn ka neng imas supaos mangkat janten tkw ka Arab ,Nya puguh neng imas teu mikir panjang nga enya keun rek luluasan mangkat sanajan anjeuna kur bebekelan niat lahaola bari lulusan SD waktos harita...

puuung carita na imas ngapung ka nagara Arab niat rek damel janten tkw sanajan manah na beurat ningalkn nu janten keluargi tapi tekad na ngelehkeun rasa ka nalangsaan na..

Teu karaos tos samingon neng imas damel di Arab tapi anjeuna teu acan tiasa bahasa ku sabab anjeuna kaluaran sakola SD bari mangkat teu nyandak pangabisa iwal ti doa sareng lahaola...

Dina hiji mangsa neng imas bingung ta ya tung tung mikiran hiji kalimah bahasa Arab "motor " ku sabab iyeu kalimah sami tulisan tapi seuer hartina...

Cek madam: imaaas ta'ali sur'ah (imas ka dieu buru kn)

Imas: iya madam (imas ngawaler bari celengak celengok)

Madam: imas fi motor barroh ruhi khudi malaabis (imas di luar hujan cig enggal angkatan baju)

Imas : na'am (imas indit ka tukang bari pelenga pelengo mikiran naon anu di titah dunungan na sedeng keun imas inget na kana motor wungkul)

Ku sabab acan ngartos na imas kana bahasa Arab anjeuna ngartos kn eta kalimah asal sapamikiran na...

Kukulintingan imas neneangan motor da samaruk mereun dunungan na nitah mindahkn motor ku sabab hujan...

Teu kungsi lila dunungan na nyamperkn imas ka tukang

Madam: imas leess ma jibti malaabis (imas ku naon te dibawa baju teh)

imas: madam..motor..motor..mafi (cek imas madam motor mh eweuuhh bari ugal igeul bari ngageol eta neng imas metakn supaos dunungan na ngartieun bahasa isyarat)

Madam : imas...imas...mudhahhak inti (imas anjeun mh pikaserieun, bari seseurian dunungan na ningal tingkah imas)terus dunungan na metakeun bahasa isyarat yen anjeuna miwarang imas ngangkatan baju ku sabab hujan lain miwarang mindahkn motor

Imas: ooohh hujan nyah motor teh ari sugan teh? ? (Imas ka isinan bari nyarios dina manah)

Sunday, March 4, 2018

DONGENG JOROK PISAN ... NU ENCAN 17TAHUN ENTONG MACA

Jang Mi’an jeung Ny Tarsih
Jaman baheula, jaman listrik can nepi ka lembur, jaman imah lolobana masih keneh ku bilik. Lamun seg nincak peuting teh di pilemburan mah kacida sepi jempling na teh. Paling paling kadenge sora radio anu nyiarkeun wayang golek. Matak waas kadengena teh hawar- hawar ti imah tatangga.
Jang Mi’an harita keketeyepan ngadeukeutan imah mang Kardi, terus nyumput dina dapuran wera gigireun imah mang Kardi. Jang Mi’an lain rek ngagarong, tapi manehna rek nepungan bebene-na. Nyi Tarsih budak Mang Kardi.
Ti beurangna jang Mi’an geus jangji ka Nyi Tarsih, manehna rek datang ka imah Nyi Tarsih. Nyi Tarsih nyatujuan, tapi cenah ulah waka apaleun kolotna.
“Akang engke wengi sumpingna ka caket jandela kamar abdi we, pami tos dugi ketrok we jandelana” Jang Mi’an atoh kacida.
“Tapi da moal tiasa muka jandela Kang”. Ceuk Nyi Tarsih.
“Wios Nyi pelengean we bilik saalit mah”, ceuk jang Mi’an.” Nu penting mah urang tiasa ngobrol”.
Nyi Tarsih unggeuk.
Tah nu matak Jang Mi’an wani ngeteyep ka imah mang Kardi. Sanggeus rarat reret jeung yakin euweuh sasaha. Manehna maledogkeun batu leutik kana jandela Nyi Tarsih. Manehna geus apaleun, salian ti geus dibejaan, manehna oge sering ngaliwat kalebah dinya.
Kadenge nyi Tarsih babatukan.
Jang Mi’an nyampeurekeun, kana handapeun jandela. Enya we di handapeun jandela teh aya bilik molongo rada gede jigana mah meunang ngorowek Nyi Tarsih beurangna. Terus we manehna nyelukan nyi Tarsih lalaunan, haharewosan.
Geus kitu mah ngarobrol we nepi ka peuting, bari jeung haharewosan.
Kalakuan jang Mi’an jeung nyi tarsih kitu teh ampir unggal peuting. Malah lila-lila jang Mi’an wani menta nyium pipi Nyi Tarsih sagala. Biwirna mani monyong-monyong we nyium pipi Nyi Tarsih liwat liang dina bilik tea. Kitu wungkul ge geus bagja keur maranehanana duaan mah.
Hiji waktu mang Kardi lilir, manehna ngadenge sora anu haharewosan ti kamar budakna. Manehna curiga terus we nyampeurkeun. Terus we di toong tina liang bilik, leuh geuning budakna teh keur ngobrol jeung lalaki tapi lalakina aya di luareun imah. Mang Kardi nyerengeh.
” Na mani kabina bina teuing ari barudak”. Ceuk dina hatena
Isukna mang Kardi nitah Nyi Karsih pindah kamar. Nyi Tarsih ukur unggeuk, tapi teu curigaeun bapana apal kalakuan manehna.
Peuting isukna , waktu geus simpe jang Mi’an datang...
“Nyi...nyai... ieu akang Nyi...”
“Kaaaah.... muhun kang” ceuk nu ti jero kamar, ngajawab ngaharewos.
“Kunaon nyi soanten teh mani serak?”, Jang Mi’an heraneun ngadenge sora bebene-na asa beda ti sasari.
“Puguh muhun kang nuju rada gohgoy” jawab ti jero kamar, angger harewosna rada serak. Da puguh eta mah sora mang Kardi.
“Muhun wios atuh nyi”, jang Mi’an mairan deui ti luar” tapi nyi, sok atuh pipi nyaina kana liangkeun akang hoyong nyium”.
Sajongjonan mang Kardi rada bingung. Terus we manehna nyerengeh bari morosotkeun kolorna, heg we bujurna teh disengokeun kana liang dina bilik. Celengok ku Jang Mi’an dicium.
“Naha nyi pipi nyai teh asa karadak, Nyai nuju ewateun?” jang Mi’an nanya.
“Muhun kaaaang” ceuk Mang kardi nahan piseurieun.
“Wios nyi, sakali deui nyi”, pok jang Mi’an. Mang Kardi nyengokeun deui bujurna kana bilik, celengok deui dicium. Na ari pelepes teh mang Kardi hitut.
“Nyai uih nuang jengkol nya?” ceuk Jang Mi’an. Mang Kardi meh-mehan ngabarakatak.
“Muhun kaaaang” bujur mang Kardi masih napel dina bilik, digalentoran ku jang Mi’an.
“Tuuuut” bujur mang Kardi disada lalunan.
“Euleuh eta nyai dugi ka kitu napasna, enjing mah ka Puskesmas atuh” ceuk jang Mi’an bari rada mengpet irung. Tapi biwirna angger ngagalentoran bujur mang Kardi.
“Muhun kaaaaang” ceuk mang Kardi, bari cipanona rambay meh teu kuat nahan piseurieun.
Jang Mi’an teu loba pikiran jeung teu loba ngomong, manehna beuki segut nyiuman tina liang bilik anu cukup keur biwir wungkul. Nyiuman pipi nyi Tarsih pikiranana mah.
Beuteung mang Kardi mules, eukeur mah deuih meh nyeri kulit beuteung balas nahan piseurieun. cipanonan beuki rambay.
Lila-lila mang Kardi teu kuateun nahan, ari Brooottttt....... we mang Kardi. Hitut mani tarik. Barakatak manehna seuri mani tarik.
Jang Mi’an nu keur tonggoy ngagalentoran bujurna, reuwas ngadenge anu pak-brot jeung asa katohyan. Belenyeng we manehna lumpat tipaparetot. Ngabecir ka kebon tukangen imah mang Kardi.
Nyi Tarsih jeung indungna tibuburanjat, terus nyampeurkeun.
“Kunaon bapana?” Indungna Nyi Tarsih hariweusweus.
“Ngimpi puguh” pok mang Kardi bari nyerengeh. Terus we manehna ngalieuk ka budakna, bari ngomong.
“Nyai teh geus boga bebene nyah?. Isuk mah sina ulin kadieu atuh” Nyi Tarsih tungkul teu ngarti. Indungna molohok.
Isukna pasosore jang Mi’an datang, nyi Tarsih bagja kolotna nyatujuan manehna bobogohan jeung jang Mi’an. Mang Kardi nyerengeh waktu nempo beungeut Jang Mi’an. Jang Mi’an tungkul bari bareureum.

WORTEL, KELINCI JEUNG MARMOT SARUA KADAHARANNA

Isuk2 dikamar mandi Rahmat leutik keur di kamar mandi jeun indungna Ambu Nani..
Rahmat : " Ambu eta naon.?"
Ambu Nani :" Marmot jang.."' tembal na bari cebok
Rahmat :" Oh..!"
carita rahayat sundaSore2 dikamar mandi Rahmat leutik jeung bapana Abah Dedi..
Rahmat :" Bah eta naon..?"
Abah Dedi :" Wortel jang..!" tembal na bari ngisang.
Rahmat :" Ooooh..!"
Peuting2 Rahmat hudang pedah ranjang karasa eundeur disangka aya lini. Ret ka gigireun horeng Ambu Nani jeung Abah Dedi...keur sasimbut reujeung.
Rahmat :" Ambu jeung Abah nuju naon.?"
Abah Dedi :" Iyeu Abah keur maraban marmot ku wortel..!"
Rahmat :" Ooooh..!"
25 tahun ti harita Rahmat geus jadi jajaka ngan teu gandang eleh ku si Karno mah. Boga kabogoh Neng Dinta. Harita keur paduduaan di kebon kosong.
Rahmat :" Neng gaduh marmot teu?"
Neng Dinta :" Henteu kang gaduh ge kelenci..kunaon kitu kang ?"
Rahmat :" Iyeu akang gaduh wortel..!"
Neng Dinta :" Pan kelenci ge sami karesepna wortel kang..!"
Rahmat :" Ooh..mun kitu mah urang paraban yu kelencina ku wortel..!"
Neng Dinta :" Hayu kang..!"
Bus Rahmat jeung Neng Dinta asup ka ruyuk eurih rek maraban kelinci ku wortel.

Wow ....IH, IH, IH, IH MAEN FESBUK

Keur anteng noélan hénpun di golodog bari jeung sakapeung rét ka barudak nu keur ucing sumput di buruan hareupeun imahna. Manéhna keur onlén di fésbuk, nyana kawentar ratuna fésbuk teu rék kitu kumaha atuh unggal poé tara absén. Pung ngapungkeun poto. Manéhna ganti poto propil ku poto wanoja bintang iklan. Iklan cindung, wanoja geulis matana cureuleuk. Renya-renyu bangun aya nu lucu. Teu sawatara lila aya nu ngajempol jeung nu mairan.
"Cantiknya...!" Ceuk akun Freddy.
"Makasih." Ceuk manéhna bari jeung maké émotikon ngiceupan.
"Geulis!" Akun Lelaki Pilihan milu mairan jeung réa-réa deui nu mairan téh lolobana mah lalaki.
Tirilik inbok asup, "Hay!" Cenah akun Freddy nginbok.
"Hay juga" balesna.
"Nuju naon geulis?"
"Biasa wé nuju nogkrong di kafé!"
"Wow keren!"
"Dupi Néng geulis yuswa sabaraha taun? (Punten)"
"Dualima, dupi akang?"
"Sami dualima"
Ti dinya maranéhna uplek ngobrol ngalér ngidul sagala diomongkeun.
"Kang dikantun heula nya abdi seja wangsul, supir tos ngantosan hawatos!"
"Mangga Néng geulis, ati-ati nya!" Bales Freddy diselipan ku emotikon écéng.
Klik hénpun dipareuman, jung nini Uti nangtung jajarijeugan bari jeung muntangan palangdada geus opat bulan ieu manéhna katarajang nyeri suku jeung nyeri sirah.

KEREEN ... CARITA BUDAK LALAKI TI WEWENGKON SUNDA


Nyi Isah ngadedengekeun Sora tima Aya Sora eweh jirim na menta budak,jang Adi tibra pisan teu kulit"Acan turus ku nyi Isah dicamahan bari jeng Babacan munajat kanu kegungan,bari budak di Ais Sora hawar" ngalengit,asa ku aneh penting eta mah biasa na apa Ipan imam masjid Darussalam jam 2 tos haneteun pupujian eling " umat , Naha penting eta mah simpe apa teu Aya Sora na dimasjid,enya masjid pipiren imah nyi Isah .
Sora nu tadi ngalengit ngadodoho nyi Isah sare ,enya imah nyi Isah can Aya Paran kamar na masih bata bereum masih rangkai,nyi Isah tetep panon teu daek perem budak diais pageuh, bisi rempan ku bisi tadi Aya Sora eweh rupa bari lain wayana manusia benta.
Urang catur keun eta hiji mahluk moaot teu sempurna ngagantung ngajirim eweh seakan jeng suku tinggal pejit ,Sirah mah masih utuh mirip jelema ,nyi Isah lain sieun nempo nu kitu teh ,keur masa" lajang ngora urut jawara hiji awewe anu Motekar ti elmu Agama jeng silat,
Eta makhluk gantayangan ngomong keseul nunggu an nyi Isah teu daek perem wae akhirna nembongan jirim na heh manusia aing jauh datang ti Sumatra rek nyokot incu aing ,dari pada kasiksa di dinya kadie keun ku aing rek dibawa,sia lain hak na ...punten bahasa na kasar biasa urang Jawa Tran ka Sumatra bahasa kasar, aing nu hak nu jadi Nini nakadie keun tong diais wae ceuk eta mahluk nu ngajirim bungkeleukan..aing ngurus ieu budak teh dibarengan ku kanyyah ceuk nyi Isah kasar dei ,lamun sia teu kaluar ti imah aing rek di duruk nyi Isah ges Taki" rek ngarawel buuk na, awak dia kunaon nepi ka kitu ,jeng dia naon urus an ngaku" incu ka ieu budak Cok jelas keun ka aing ceuk nyi Isah..!!
Ouh sia can nyaho nya aing teh indung si Ijah ,waktu rek lahiran si Ijah salaki aing neang paraji aing karasa beteung sorangan eweh tatangga " Aya ge jauh tatangga transmigrasi imah pajsuh" cek eta mahluk teh, benteng ges mules nu neang paraji can datang wae Ari sugan aing Aya nu asup ka kamar teh paraji nu di terang salaki aing, teu nyaho eta nu msrajian aing teh macan si Ijah lahir awak aing beak sepotong ti suku kahandap,hirup aing teu sempurna paeh ge kumlayang kie,ges Weh hirup kskaysng kieu nu daek dibawa siga aing,aing nyireo sia teu daekeun sare ges Weh aing ngajirim cek eta mahluk teh,sia hayang sempurna ku aing di sempurna keun isukan aing rek ka hiril rek tumanya ka keluarga sia,ngan hiji sarat ulah rek datang" dei kadie Komo ngagangu budak ku aing langsung diduruk, heh moal Ngan aing muhape eta budak urus sing bener ceuk eta mahluk buleungkeukan ,ngaran aing oom les lengit eta mahluk nu tinggal oejit Jeung hulu.
Ngeeng Sora sapeker masjid Aya nu nyalakeun appa Ipan garugah" tos jam 3 mangga gera garugah urang tatan" kanggo ngalakasana keun solat berjamaah subuh.
Teras apa Ip ngaos Kana sapeker keun dugi kawaktu subuh..!
Nyi Isah sapepeting teu bisa sare mikir asa ku ngimpi saumur" nempo mahluk nu tinggal pejit na kakalawiran jeng hulu bisa ngapung
Waktu to datang na subuh Jang salun karek hudang rek solat subuh berjamaah ka Masjid,samemeh rek kacai rer hela ka kamar budak jeng indung masih ngaringkuk tibra pikiran Jang salun nyi usah teh sare.
Nyi rek ka pasar moal belanja ges berang gera hudang...!
Moal rek peure tunduh sapepeting teu bisa sare tembal nyi Isah Daria. Jung solat subuh hela ke ges subuh Aya obroleun kang .
Jang salun unggeuk bari leos mutu kapipir rek kamasjid.
Sabalik na ti masjid nyi tadi rek Aya pi obroleun naon..ceuk Jang salun.???
Akang sare penting tibra poho kasagala" cape mereun...Jang salun ngomong dei poho ka siujang ge teu mang nyieun keun susu.
Enya penting teu bisa sare akang diguyah" teu hudang" siga banke ceuk nyi Isah,aya semah rek nyokot budak cenah mah indung na si Ijah ti Sumatra nu maot ngajuru basaha keur lahiran si Ijah cenah di parajian main, menta di sempurna keun ayena urang datang ka keluarga na kahilir..

SIEUN PISAN, NU NGANJANG WANCI TENGAH PEUTING


Geus saminggu ieu hujan ngecrek taya eureunna. Teu beurang teu peuting,..cai siga nu dikucurkeun ti luhur langit. Kemis nu geus kaliwat ieu kajadian teh. Harita hujan lain saukur ngecrek,…ti wanci bada isya keneh hujan badag megatan jalma nu hayang lunta ti jero imah. Kitu deui kuring. Kemis harita teh bagean ngaronda. Tapi kulantaran hujan,..kuring teu nedunan kawajiban. Keur jongjon nu lis carpon,…di kamar loteng kadenge siga aya sora nu keketrok kana panto. Sigana mah nu keketrok
carita rahayat sundateh kajurung ku rasa keuheu,…sabab..dor darna sora gelap..nu meupeuskeun kasimpe peuting ka silih ku sora panto nu diketrok,…satengah didagoran. Kalacat kuring turun ti loteng,..karek ge cengkat lampu pareum. Rey…bulu punduk ting puringkak,…kulit leungeun nu carucukan balas ditotogan hawa peuting nu nyecep tiis. Sanajan keueung,..kuring panasaran turun ka handap,..bari susur sasar da poek. Di hareupeun panto sakedapan kuring ngajanteng,..rek muka panto inggis nu aya di luar teh jalma jahat. Hordeng ku kuring di singkabkeun,…di luar nu nyampak saukur poek mongkleng...euweuh sasaha. Gek kuring diuk,..hayang nyaho nu keketrok the datang deui atawa henteu,..saparapat jam lilana kuring diuk na kursi bari nyarande. Nu kadenge di luar saukur sora cihujan nu ninggang kana kanopi. Ah,..dedengean kuring meureun,..gerentes hate kuring bari cengkat rek naek deui ka luhur loteng. Barang nepi ka lawing panto kamar bray,…lampu caang. Kuring gogodeg,…laju kakamar nu luykeun hanca,..da lap top katempo masih keneh hurung. Teu karasa kuring kasarean. “…Kang…kang..kadenge sora pamajikan ngaguyah guyah,…ngahudangkeun. Nyah kuring beunta,…Aya naon Bu?...ceuk kuring. Aya nu keketrok di luar,..pokna bari katingali siga nu sepa. “Jam sabaraha ieu?..ceuk kuring bari nguniang hudang. Tos adan subuh,..tembalna pondok. Hayu atuh urang tingali ceuk kuring. Kuring turun ti loteng dituturkeun ku pamajikan. Memeh muka panto,..kuring ngoloyong heula ka dapur,…nyokot bedog betekok nu nyangsasa gigireun pago. Naha nyanyadak bedog Kang? Pamajikan kuring beuki sepa. Ahh..ieu mah jaja jaga we bu…ceuk kuring laju muka panto hareup. Barang panto dibuka,..gebeg kuring ngagebeg….dihareupeun panto aya lalaki ngajanteung bari ngahodhod siga nu kabulusan…biwirna geunteul,…sing horeng teh,…alo kuring nu datang ti lembut tadi jam 11 peuting….Beungeutna nu pias ayeuna katempo beuki sepa nempo kuring ngamang-ngamang bedog betekok. TAMAT

JOOROOK ... EUPAN MANCING

carita rahayat sundaHiji waktu emang kuring anu maniak mancing jeung kang Juhi, arindit ka wahangan anu lumayan rada jauh, arinditna numpak beus umum.

Samemeh indit emang kuring geus nyiapkeun eupan "spesial", nyieuna di kebon,. sanggeus jadi, dibungkus ku daun cau lep we dipesakan dina pesak calana, terus weh indit mawa jeujeur jeung korang.

Sanggeus sababaraha menit dina beus, ari peledek teuh bau pacilingan, emang kuring ungsrak ingsreuk,
"Saha hah nu hitut teh teu kira-kira", ceuk emang kuring dina hatena.

Penumpang anu sejen sarua narutupan irung, bari rarungah ringeuh, silih reret jeung silih sangka, saha nu boga dosa.

Kenektur mapayan ongkos bari kukulutuk,
"Aduh ieung, uih nuang naon atuh ieu cenah. Mani muaabek", pokna, bari tonggoy mentaan ongkos.

"Heueuh teu boga cedo pisan anu muak teh, mana lila deuih bauna teh", emang kuring ngilu kukulutus.

"Boa maneh juhi nu hitut teh", pokna deui ka batur nguseupna, pedah bauna asa deukeut pisan.

"Henteu kang, piraku atuh" , Juhi ngajawab.

Kendektur nyampeurkeun, emang kuring surti. Jung nangtung rek ngodok pesak, nyokot duit keur ongkos, bari angget kukulutus kana bau tea.

Barang lep ........ manehna ngasupkeun leungeun kana saku calana, kacagap dina sakuna aya nu buyatak....

Beungetna langsung pias.

"Alah geuning nu bau teh eupan colek uing bucat bungkusna", manehna bingung, lamun leungeuna dicabut pasti ramiping, bakal wirang.

"Juhi bayar heula ongkos tah",ceuk emang kuring, geumpeur.

"Kapan kuring mah teu mawa duit mang", si Juhi kalah nembal.

Panumpang kabeh marelong.

Kendektur geus teu sabar, ngecrek-ngecrek duit dina leungeuna.

Kapaksa emang kuring ngaluarkeun leungeuna anu ramiping ku "eupan", duit nu dicekelna nya kitu keneh.

Kenektur kalah mundur, bari mengpetan irung.

Penumpang u..o..

Kang juhi nyerengeh..

Emang kuring beureum beungeutna....
"Kiriiiii" manehna ngagorwok menta turun..

HEBOH, ... NEMBE KABONGKAR, ARTOS TI BANK INDONESIA

Saatos lami ditutup tutupan,Ahirna Kabongkar oge Karahasiaan Bank Indonesia dina cara ngadamel Artos Kertas nu tos lami beredar luas di Masyarakat Indonesia.. ..
Paripaosna Sapinter Sapinterna nyumputkeun Tarasi,pasti Awal Ahir kapendak Bauna,Sapinter
carita rahayat sunda
Pinterna Bajing Luncat kana Tangkal,pasti aya muragna.. kitu Paripaosna nu Tepat kanggo
ngagambarkeun Bank Indonesia dina Hal ngadamel Artos Kertas.. Ternyata Pihak Percetakan Uang Republik Indonesia (PERURI) sareng Pihak Bank Indonesia (BI)
dina tata cara nyitak Artos teh sama sakali teu nganggo bahan Pengawet Kimia nanaon..
Janteun Urang Sadayana salaku Urang Indonesia ulah ngaraos Heran atanapi Himeung upami tiap tiap nampi Gajihan, Si Artos tereh seep atanapi teu Awet..
Kadang kadang nembe nampi Gajih Minggu kamari ge Minggu Kaduana tos seep,padahal hoyong Awet dugi ka Sabulaneun.. Hal eta pisan nu ngalantarankeun Artos Urang moal Awet da ngadamelna ge teu nganggo
Borax atanapi Bahan Pengawet sanesna.
sebarkeun info ieu meh saderek saderek urang terang kunaon artosna teu arawet. ha ha ha