
"prajurit dewek pangwaniana mah atuh,,
"ceuk jendral urg amerika..'
"sok atuh buktikeun.."!!,,"ceuk jendral urg jepang ."
okehlah..
"prajurit."
"siap pak"
"coba maneh naek tuh kanu tiang listrik terus luncat." si amerika paparentah...
"siap laksanakan .."'
ceuk si prajurit bari terekel kanu tiang listrik
gajleng weh luncat , gdbut ningang pisan sirahna kanu batu.. Hos weh paeh...,
"nya ceuk dewek ge wanian prajurit dewek mah.. Hahahaa,."si jend amerika seuri ngabarakatak..
"komo prajurit dewek mah wanian pisan..
"prajurit.."
"siap pak"
"tuh aya durukan ngabebela, maneh kudu asup ka eta durukan..!!" si jend urg jepang marentah ka anak buahna..
Na atuh ari gajleng teh , bener eta mah
eta si prajurit asup kanu durukan..
Gurubug , gurubug awakna gugurubugan da kabeuleum..,
hos weh paeh..,
"hahahahahaa... Tah kitu kawani prajurit dewek mh.."si jend jepang ngagakgak suka pisan..,
tah ayeuna bagean jendral urg indonesia
, dasar embung eleh ...,
"wiraatt"
"siap pak"
"maneh kudu ngadapang diluhureun rel , ke 10menit deui kareta datang.., kumaha sanggup.??.."si jendr indonesia ge teu eleh gos."
"nitah modar sia teh ka aing..??
Jug we sia hayang modar mah , teu sudi teuingg.."cep wirat poporongos ka komandana.."
"tuhh nya dengekeun ku sarilaing ,
bakat ku wanian2na
prajurit dewek mh
ka jendral ge wani ngalawan, nyarekan deuih... Hahahahaaa..
Bagus..bagus..bagus .....
Pohaaraaa...
Kumaha Caggeuurr... ???? ???? ????
No comments:
Post a Comment