Jaman baheula, jaman listrik can nepi ka lembur, jaman imah lolobana masih keneh ku bilik. Lamun seg nincak peuting teh di pilemburan mah kacida sepi jempling na teh. Paling paling kadenge sora radio anu nyiarkeun wayang golek. Matak waas kadengena teh hawar- hawar ti imah tatangga.

Ti beurangna jang Mi’an geus jangji ka Nyi Tarsih, manehna rek datang ka imah Nyi Tarsih. Nyi Tarsih nyatujuan, tapi cenah ulah waka apaleun kolotna.
“Akang engke wengi sumpingna ka caket jandela kamar abdi we, pami tos dugi ketrok we jandelana” Jang Mi’an atoh kacida.
“Tapi da moal tiasa muka jandela Kang”. Ceuk Nyi Tarsih.
“Wios Nyi pelengean we bilik saalit mah”, ceuk jang Mi’an.” Nu penting mah urang tiasa ngobrol”.
Nyi Tarsih unggeuk.
Tah nu matak Jang Mi’an wani ngeteyep ka imah mang Kardi. Sanggeus rarat reret jeung yakin euweuh sasaha. Manehna maledogkeun batu leutik kana jandela Nyi Tarsih. Manehna geus apaleun, salian ti geus dibejaan, manehna oge sering ngaliwat kalebah dinya.
Kadenge nyi Tarsih babatukan.
Jang Mi’an nyampeurekeun, kana handapeun jandela. Enya we di handapeun jandela teh aya bilik molongo rada gede jigana mah meunang ngorowek Nyi Tarsih beurangna. Terus we manehna nyelukan nyi Tarsih lalaunan, haharewosan.
Geus kitu mah ngarobrol we nepi ka peuting, bari jeung haharewosan.
Kalakuan jang Mi’an jeung nyi tarsih kitu teh ampir unggal peuting. Malah lila-lila jang Mi’an wani menta nyium pipi Nyi Tarsih sagala. Biwirna mani monyong-monyong we nyium pipi Nyi Tarsih liwat liang dina bilik tea. Kitu wungkul ge geus bagja keur maranehanana duaan mah.
Hiji waktu mang Kardi lilir, manehna ngadenge sora anu haharewosan ti kamar budakna. Manehna curiga terus we nyampeurkeun. Terus we di toong tina liang bilik, leuh geuning budakna teh keur ngobrol jeung lalaki tapi lalakina aya di luareun imah. Mang Kardi nyerengeh.
” Na mani kabina bina teuing ari barudak”. Ceuk dina hatena
Isukna mang Kardi nitah Nyi Karsih pindah kamar. Nyi Tarsih ukur unggeuk, tapi teu curigaeun bapana apal kalakuan manehna.
Peuting isukna , waktu geus simpe jang Mi’an datang...
“Nyi...nyai... ieu akang Nyi...”
“Kaaaah.... muhun kang” ceuk nu ti jero kamar, ngajawab ngaharewos.
“Kunaon nyi soanten teh mani serak?”, Jang Mi’an heraneun ngadenge sora bebene-na asa beda ti sasari.
“Puguh muhun kang nuju rada gohgoy” jawab ti jero kamar, angger harewosna rada serak. Da puguh eta mah sora mang Kardi.
“Muhun wios atuh nyi”, jang Mi’an mairan deui ti luar” tapi nyi, sok atuh pipi nyaina kana liangkeun akang hoyong nyium”.
Sajongjonan mang Kardi rada bingung. Terus we manehna nyerengeh bari morosotkeun kolorna, heg we bujurna teh disengokeun kana liang dina bilik. Celengok ku Jang Mi’an dicium.
“Naha nyi pipi nyai teh asa karadak, Nyai nuju ewateun?” jang Mi’an nanya.
“Muhun kaaaang” ceuk Mang kardi nahan piseurieun.
“Wios nyi, sakali deui nyi”, pok jang Mi’an. Mang Kardi nyengokeun deui bujurna kana bilik, celengok deui dicium. Na ari pelepes teh mang Kardi hitut.
“Nyai uih nuang jengkol nya?” ceuk Jang Mi’an. Mang Kardi meh-mehan ngabarakatak.
“Muhun kaaaang” bujur mang Kardi masih napel dina bilik, digalentoran ku jang Mi’an.
“Tuuuut” bujur mang Kardi disada lalunan.
“Euleuh eta nyai dugi ka kitu napasna, enjing mah ka Puskesmas atuh” ceuk jang Mi’an bari rada mengpet irung. Tapi biwirna angger ngagalentoran bujur mang Kardi.
“Muhun kaaaaang” ceuk mang Kardi, bari cipanona rambay meh teu kuat nahan piseurieun.
Jang Mi’an teu loba pikiran jeung teu loba ngomong, manehna beuki segut nyiuman tina liang bilik anu cukup keur biwir wungkul. Nyiuman pipi nyi Tarsih pikiranana mah.
Beuteung mang Kardi mules, eukeur mah deuih meh nyeri kulit beuteung balas nahan piseurieun. cipanonan beuki rambay.
Lila-lila mang Kardi teu kuateun nahan, ari Brooottttt....... we mang Kardi. Hitut mani tarik. Barakatak manehna seuri mani tarik.
Jang Mi’an nu keur tonggoy ngagalentoran bujurna, reuwas ngadenge anu pak-brot jeung asa katohyan. Belenyeng we manehna lumpat tipaparetot. Ngabecir ka kebon tukangen imah mang Kardi.
Nyi Tarsih jeung indungna tibuburanjat, terus nyampeurkeun.
“Kunaon bapana?” Indungna Nyi Tarsih hariweusweus.
“Ngimpi puguh” pok mang Kardi bari nyerengeh. Terus we manehna ngalieuk ka budakna, bari ngomong.
“Nyai teh geus boga bebene nyah?. Isuk mah sina ulin kadieu atuh” Nyi Tarsih tungkul teu ngarti. Indungna molohok.
Isukna pasosore jang Mi’an datang, nyi Tarsih bagja kolotna nyatujuan manehna bobogohan jeung jang Mi’an. Mang Kardi nyerengeh waktu nempo beungeut Jang Mi’an. Jang Mi’an tungkul bari bareureum.
No comments:
Post a Comment