Sunday, March 4, 2018

Wow ....IH, IH, IH, IH MAEN FESBUK

Keur anteng noélan hénpun di golodog bari jeung sakapeung rét ka barudak nu keur ucing sumput di buruan hareupeun imahna. Manéhna keur onlén di fésbuk, nyana kawentar ratuna fésbuk teu rék kitu kumaha atuh unggal poé tara absén. Pung ngapungkeun poto. Manéhna ganti poto propil ku poto wanoja bintang iklan. Iklan cindung, wanoja geulis matana cureuleuk. Renya-renyu bangun aya nu lucu. Teu sawatara lila aya nu ngajempol jeung nu mairan.
"Cantiknya...!" Ceuk akun Freddy.
"Makasih." Ceuk manéhna bari jeung maké émotikon ngiceupan.
"Geulis!" Akun Lelaki Pilihan milu mairan jeung réa-réa deui nu mairan téh lolobana mah lalaki.
Tirilik inbok asup, "Hay!" Cenah akun Freddy nginbok.
"Hay juga" balesna.
"Nuju naon geulis?"
"Biasa wé nuju nogkrong di kafé!"
"Wow keren!"
"Dupi Néng geulis yuswa sabaraha taun? (Punten)"
"Dualima, dupi akang?"
"Sami dualima"
Ti dinya maranéhna uplek ngobrol ngalér ngidul sagala diomongkeun.
"Kang dikantun heula nya abdi seja wangsul, supir tos ngantosan hawatos!"
"Mangga Néng geulis, ati-ati nya!" Bales Freddy diselipan ku emotikon écéng.
Klik hénpun dipareuman, jung nini Uti nangtung jajarijeugan bari jeung muntangan palangdada geus opat bulan ieu manéhna katarajang nyeri suku jeung nyeri sirah.

No comments:

Post a Comment