Monday, March 12, 2018

TAWAKAL NU MAWA BAGJA

Kabiasaan sabagean urang, milih mentingkeun bungah sorangan tibatan mere ka bungah ka batur.
Tapi sabenernamah... syah- syah wae.. da eta mah hak azasi masing- masing. Tapi hente bagi kuring, idialisme kuring nyarita yen mere kasempatan batur bungah , hiji kapuasan sorangan, beda jeung urang milih bungah dinna kateu ngeunah batur. Bakal aya rasa teu teunang, rasa bersalah teurus jadi kalangkang nu bakal nutur nutur kahirupan urang.
Nu jadi conto, kuring inditna ka Kalimantan.. mawa hate.. nu marojengja .. antara nyingharep ka kang Dadang atawa ka Nur. Nu duanan nyimpen perasaan nu sarua ka kuring. Lamun seg kudu milih salah sahiji, pasti bakal aya nu nyeuri hate nu diakibatkeun ku kabijakan nu di pilih kuring.
Prinsip kuring kitu taya lain pepeling nu seuring ka tarima ti bapa (abah) ti baheula. Abah selalu ngomong mun seg kudu milih pilihan..mening si ciduhan batur ti batan kudu nyiduhan batur. Mun kudu jujur, kuring narimana tawaran ka Kalimantan, ngahaja nyingkahan... masalah nu te bisa kuring nyelesaikan. Lain kuring pengecut, tapi ieu masalah hate, kuring inggis aya nu ka raheutan hatena.
Matak kuring milih indit , ngabebaskeun .. duanana keur milih nasibna sorangan... sina waktu..nu bakal mutuskeuna.
Beban kuring geus ngurangan.. lain teu peurih ngadenge Nur, larabi jeung pilihan kolotna. Tapi eta nu leuwih hade ti batan nungguan kuring nu can jeulaa jeung can pasti.
Balikna na kuring ka jawa ka hiji namah sono ka kolot jeung kadulur, kaduana kuring ingeut ka Danisa nu geus di tinggalkeun ku indungna keur sateurusna.
Kang Dadang apaleun kuring balik , tapi kuring milih datang sorangan ka imahna takjiah.
Poe saptu sore kuring ka imahna, teu poho oleh" keur Danisa nu geus di siapkeun ti ditu keneh.
Pas amprok budak teh teu poho padahal lumayan lila kuring teu panggih, gabrug budak teh ngagabrug siga nu sono.. ateuuu ceunah.. ku kuring budak teh di galentoran.. bari teu karasa budak teh di cengceurikan ras ku nasibna.. leutik keneh geus di tinggalkeun ku indungna. Ateeu kemana ajah ga.. ngajak Danisa main udah lama... Danisa rindu Danisa sayaang ateeu.. bari teu lesot dina tangkeupan kuring.
Ia sayaang ateeu juga sayaang Danisa, ceuuk kuring bari sarua teu ngaleupaskeun tangkeupana.
Kang Dadang ngan saukur meulong bari ngarembeung ka gagas ku anakna nu hanaang ku kanyaah indung.
Rada lila kuring di imahna ..ngobrol kaditu kadieu. Teu nyadar Danisa sare dina lahunan kuring bari nanangkeup oleh" ti kuring, nu ti tadi budak teh teu ingkah dina lahunan .
"Kang! Danisa bobo" ceuk kuring bari nyium tarang budak. "" ee ..ke urang alihkeun heula, beurat temenan ti tatadi di lahunan, Ayeuna mah Danisa teh tos beurat, 6 tahun tea atuh..,,,
**Enya kang teu karaosnya.... ageung weh**. Ceuk kuring bari ngasongkeun Danisa ka kang Dadang
Teu lila kuring pamit .. di anterkeu ku kang Dadang kana motor. " Is! Enjing akang bade ka abah aya picarioskeuneun " ceuk kang Dadang bari majukeun motorna. Kuring nga manggakeun bari ungeuk... Hanca..

No comments:

Post a Comment