“Muhun Pak, namina Ujang Emod,”
“Cobi sina kadieu, urang tes di dieu.”
Di ruang kantorna, Pak KS ngetes Emod etang2an, IPA, sareng sajarah. Emod lancar ngajawab.
Pak KS, “Mangga ayeuna tes ku Ibu.”
Bu Guru, “Naon ngaranna anu hurup awalna K hurup akhirna L, anu bisa heuras jeung bisa leuleus?”
(Ngadangu patarosan kitu, Pak KS kaget, bari olohok)
Emod, “KETEPEL."
***
Ibu Guru, “Naon anu hurup awalna M huruf akhirna K, di tengah2na aya kacang?”
(Pak KS mangkin tegang, bari kerung ngadangu patarosan ka-2)
Emod, “MARTABAK"
***
Ibu Guru, “Naon anu biasa dilakukeun ku anu bobogohan kalewat bates aturan dina tengah peuting. Hurup awalna N huruf akhirna T."
(Pak KS kaget ku patarosan ieu. Molotot ka Ibu Guru)
Emod, ““NONGTON MIDNAIT.”
***
Pak KS motong Ibu Guru anu bade naros deui,
“Ieu Emod sigana mah pantesna sakola di Universitas. Bapak anu tos S2, tadi salah wae ngajawab soal tes ti Bu Guru.”
No comments:
Post a Comment