Monday, March 5, 2018

MUJARAB : RESEP AWAET ANOM TI JANG EMOD

Babaturan Jang Emod silih agulkeun jumlah babaturanna di pesbuk.

Jang Emod masang postingan di akun pesbukna:

Resep Awet Anom:

carita rahayat sundaBahan: Madu, jahe, jeruk nipis, honje, rebung, sereh, kalapa dewegan, gula kawung, caruluk, nangka.

Hasiat: ngencengkeun kulit pipi, ngagomplokkeun sareng
ngahideungkeun rambut huisan sareng kangge anu botak, panon janten herang. Hasiat sanesna: tanaga janten kiat.

Resep ieu atos diuji puluhan taun, hasilna 99 % manjur.

Rahasia cara ngolah sareng cara ngaleueutna bade dibuka upami anggota akun ieu atos 5 rebu.

Teu nepika sabulan, akun Jang Emod atos pinuh 5 rebu.

Jreng, Jang Emod muka rusiahna:

Cara ngolahna: sadayana eta bahan diblender.

Kedah dileueut waktos yuswa 17 - 20 taun.

Pami yuswana tos kalangkungan, nya kedah nyadar.

No comments:

Post a Comment