
Samemeh indit emang kuring geus nyiapkeun eupan "spesial", nyieuna di kebon,. sanggeus jadi, dibungkus ku daun cau lep we dipesakan dina pesak calana, terus weh indit mawa jeujeur jeung korang.
Sanggeus sababaraha menit dina beus, ari peledek teuh bau pacilingan, emang kuring ungsrak ingsreuk,
"Saha hah nu hitut teh teu kira-kira", ceuk emang kuring dina hatena.
Penumpang anu sejen sarua narutupan irung, bari rarungah ringeuh, silih reret jeung silih sangka, saha nu boga dosa.
Kenektur mapayan ongkos bari kukulutuk,
"Aduh ieung, uih nuang naon atuh ieu cenah. Mani muaabek", pokna, bari tonggoy mentaan ongkos.
"Heueuh teu boga cedo pisan anu muak teh, mana lila deuih bauna teh", emang kuring ngilu kukulutus.
"Boa maneh juhi nu hitut teh", pokna deui ka batur nguseupna, pedah bauna asa deukeut pisan.
"Henteu kang, piraku atuh" , Juhi ngajawab.
Kendektur nyampeurkeun, emang kuring surti. Jung nangtung rek ngodok pesak, nyokot duit keur ongkos, bari angget kukulutus kana bau tea.
Barang lep ........ manehna ngasupkeun leungeun kana saku calana, kacagap dina sakuna aya nu buyatak....
Beungetna langsung pias.
"Alah geuning nu bau teh eupan colek uing bucat bungkusna", manehna bingung, lamun leungeuna dicabut pasti ramiping, bakal wirang.
"Juhi bayar heula ongkos tah",ceuk emang kuring, geumpeur.
"Kapan kuring mah teu mawa duit mang", si Juhi kalah nembal.
Panumpang kabeh marelong.
Kendektur geus teu sabar, ngecrek-ngecrek duit dina leungeuna.
Kapaksa emang kuring ngaluarkeun leungeuna anu ramiping ku "eupan", duit nu dicekelna nya kitu keneh.
Kenektur kalah mundur, bari mengpetan irung.
Penumpang u..o..
Kang juhi nyerengeh..
Emang kuring beureum beungeutna....
"Kiriiiii" manehna ngagorwok menta turun..
No comments:
Post a Comment