Monday, March 5, 2018

CARITA AYEUNA JUDULNA SAKADANG MONYET ANU BALAGA PINTER TAPI BODO


carita rahayat sunda

Dina hiji carita aya sikadang monyet,anu ges ngarasa paling nyaho seluk beluk anu ngarana hirup di leuweung,dina hiji mangsa ay si kadang gajah anu manehna ngayakeun sendewara atawa Lomba,
Dina sendewara/Lomba iyeu,sikadang gajah nitah heeeeyyy balad" kami,cing saha~saha anu bisa meulak cau neupikeun ka buahan,ku aing di buruhan munding sarakit,
Ceuk si kadang gajah,
Tidina cung nangtung si kadang monyet,kami sanggup cek si kadang monyet,bari dina gereuntes hatena waaaah pangareusep aing nukieu mh,
Pok sikadang gajah ngomong deui,sok saha deui anu arek ngiluan?...
Teu Lila aya anu nembalan tibeulah kenca,kami sanggup ceunah,
Ari ret anu anu ngomong th geuning sikadang kuya,
Tidinya sikadang monyet anu beuki gede hate,sabab musuh aing dina iyeu sandewara teh si kadang monyet,
Dina gereunteus hate sikadang monyet,waaaah sia nyaho naon kuya,cara~cara meulak cau,sedangkeun hirup maneh mh unggal poe oge di cai,tangtu aiiiing anu pasti meunang iyeu Sandewara,sabab aing mh mh unggal usik ge ci"ng di gunung,
Panjang carita eta sakabeh sa"toan di narongton da ceunah hayang nyaho sandewara,
Teu Lila sikadang gajah mawa tangkal cau satangkal,eta tangkal cau anu hiji di potong di dua,
Sikadang gaja ngageuro,eta sikadang monyet jeung sikadang kuya,atuh luguyur eta dua nana nyalampeurkeun,
Sikadang gajah ngomong?
Kuya,monyet sok ayeuna ku maneh pilih ieu tangkal cau anu geus di potong dua,
Dasar sikadang monyet anu geus apal sapopoe hirup di leuweung,manehna buru" milih keputusan,
Ceuk kadang monyet?...urang anu bagian kaluhurna,dina gereunteus hate sikadang monyet,aing lamun milih anu kahandapna dek iraha boa' buahan na oge,pan aing pagawean di gunung nyaho cau mh buah nage sok tiluhurna,
Ny geus caritana sikadang kuya mah milih kahandapna atawa tunggulna,
Tidinya sikadang monyet geus atoh kacida bari asa mupuas ka sikadang kuya,
Ceuk si kadang monyet,ka si kadang kuya,moal meunang moaaaall kuya,ngalawanan aing mah,tapi sikadang cicing wae bari sabar manehna geus di poyok oge,
Dina gereuntes hate si kadang kuya,aaah kembae eleh mh,da ngaranage sandewara kudu aya eleh jeung meunag,
Panjang carita,ceub di ceu"bkeun eta si tangkal cau sewang"an,
Anu mana eta tangkal cau satangkal di potong dua,
Singkat carita gs 5,bulan sikadang gajah anu sakumaha nuna waktu eta sandewara,atuh caritana kumpu deui eta sakabeh sa"toan,
Ceuk sikadang gajah heeeeyyy balad" maraneh pada nyaho kabeh yen kami euker boga acara,barang dene kitu hayu urang saksian babarengan hasilna sandewara sikadang monyet jeung sikadang kuya,
Carita briiiiing ngabring kahiji tempat anu dimana ayana peu"lakan eta tangkal cau,
Singkat carita ges nepi weh kana eta tujuan,
Barang di tempo hasilna eta peulak cau meunang sikadang monyet,malah buruk si tangkal nateh boro" jauh kana buahan da puguh oge meulakna kaluhurna,
Teulila nempo hasilna sikadang kuya,wiiiiiihhh aeh" meuni alus pisan buahna malah mh arasak dina tangkalna,
Tidinya caritana sikadang monyet eleh tina eta sandewara th,anu tadina asa aing uyah pang kidulna,asa aing paling nyaho,
Tidinya sikadang monyet diuk jeung tungkul,ngalamun mikiran geuni aing eleh jajaten ku si kuya ceuk na pikirna,
Barang dene kitu sikadang gajah ngomong ka sikadang kuya,pok harita,kuya coba ala cau th da geus arasak,tapi sikadang kuya bingung nya kudu kmh aing ngalana da aing mh teu bisa naek,
Tidinya sikadang kuya bingung jeun mikiran kmha carana eta buah cau bisa ka ala,ceuk gereuntes hate sikadang kuya,waaah ku aing titah wae si monyet sabab mnehna mh tukangna kana msalah ta"ekan mh,si kadang kuya jung nangtung nyampereun sikadang monyet,
Pok ngomong sikadang kuya ka sikadang monyet,monyet cig lah pang ngalakeun eta buah cau teh,sabab si gajah hayang nyaho rasana,
Si monyet curinghak,bari buru" ngajawab heu'euh bae ku aing di ala'an,
Ceuk dina gereuntes hate na si monyet,keun siah ku aing di bawa kabur iyeu cau th kuya ahirna mnh butuh oge ka aing,tidinya pok deui si kadang monyet nanya,kuya arek iraha di alana eta buah cau th?...teu lila si kuya nembalan dagoan sakeudeung urang rek nyokot heula kantong,
Ceuk si monyet ngajawab,ny jig atuh buru" indit bawa kantongna,tpi si monyet oge teu wanieun kitu kieu da loba un nyaksian di"nyana kur tibang bisa ci"ng wae bari nungguan eta si kuya mawa kantong,
Singkat carita eta si kuya ges nepi ka imah nyokot kantong,tapi pas nyabak eta kantong tiba" si kuya boga prisangka goreng ka si monyet,
Ceuk dina gereuntes hatena eta si kuya,kmha lamun eta buah cau th ges di ala ku si monyet,ari gs hasil di bawa kabur,
Aing kudu kmh carana gs kieu,ceuk si kuya,
Manehna bingung jeung mikiran,teu lila manehna peureum sakeudeung ari baraaaay th,pikirana tiba" ceurah,waaah bari ungut"an sirahna iyeu mh kantongna kudu di kohokan ku aing siah,ceunaaaah bari ngomong sorangan,nya di kohokanlah si eta kantong teh handapna sangkan eta buah cau maloncor lamun di abuskeun teh,
Singkat carita ges nepi deui ka eta tempat th,bari song ngasongeun eta kantong ka si monyet,
Si monyet tidinya husu cug nangtung,lakacat naek kana eta tangkal cau tea,
Singkat carita carita si monyet gs nepi kaluhur eta tangkal bari metikan eta buah cau,
Dina gereuntes hate si monyet ku aing di bawa kabur siah kuya iye cau teh,hahahahahahaha seu"rian sorangan dina hatena,
Ari si kuya jeng sato". Anu Lian kabeh caricing di handapeun eta tangkal cau,
Ari si monyet jong'jon" wae di Luhur bari teu sidikna atoh sorangan da ceunah eta cau th arek di bawa kabur,
Singkat carita eta si monyet meutik hiji buah cau teh,nya di asupkeun kana eta kantong,tpi eta si buah cau murag nyeuplos kahandap da eta,si kantongna menang ngahaja di kohokan ku si kuya na,
Si monyet di Luhur cikikikkk~cikikikikkk bungah sorangan teu sadar yen buah cau mah anu di ala ku manehna mh kabeh oge maruragan langsung,teu nyaho anu di handap anu puguh mh balakecrakan ngadalaharan eta si buah cau,
Barang eta buah cau anu ker di ala ku si monyet kira" hiji deui,tidinya si monyet karek nyadar naha aing ngasupkeun iyeu cau teh ku hampang keneh ra"saan th,
Barang reeeet di bukakeun eta si kantong teh horeng simana horeng geuniiiiing kantong th bolong molongpong,reeet deui eta si monyet th ka sato" anu caricing di handapeun eta tangkal cau,baruuuuk ker pesta ngeunah" ngadalaharan eta buah cau,anu meunang ngalaan si monyet tea,tidinya si monyet ambeuk nafsu amarah kabeh kumpul ceuk dina pikirana aing teh tibang wae di manfaatkeun hungkul,
Dasar sikadang monyet baraya,anu ceuk tadina ngarasa aing pinter bari boga niat arek ngajahatan ka si kadang kuya,
Tung~tung namah manehna anu sangsara,
Cukup sakieu heula ke di lajut deui sabab kuring acan ngopi,,,

No comments:

Post a Comment