Saud mangrupikn pamuda anu tos ka asup baleg ngagaduhan parawakan jangkung alit tapi can payu ka istri ku sabab kitu warga lembur nyebat si saud teh jomblo te payu...padahal ges baraha kali bobogohan mung istri nu janten k bogoh na ujung na di kawin batur...kesel,aral eta Saud mun mikir ka pelebah dinya
Te kungsi lila saud kaluar ti imah bari keukeuh hate na kesel teu manggih tung tung nu aya dina fikiran na ngan hayang ningalkeun alam dunya...atawa maehan diri

Saud: nahaa iyeu teh mobil te aya nungalangkung padahal abi siap di lindes mana cangkeul iyeu sampean (cek saud gegerentes dina manah na)
Padahal dina waktos harita eta jalan di tutup ku polisi ku sabab di beh ditu na rek aya rajiaan..gagal tah niat na
Teras anjeuna neangan deui cara nu sanes nyaeta bade ngajol ka jurang nyanghareupan kebon enteh cek pipikiran na ku sabab saud ges pondok hareupan ...di tingalian eta ku saud jurang teh samemeh luncat bari nyarios dina manah
Saud :aah iyeu lumayan jurang na te jero teuing tapi siga na mh mun luncat langsung maot..(gerentes na dina manah lain mikir kana dosa eta saud waktos harita )
"Guuubraaagg" ngajol eta si saud gugulitikan ti luhur ninggang eureunn ka hiji randa bahenol nu waktos harita anjeuna nuju metik enteh di dinya...
Randa:aaaaaaawwww naon iyeu teh nu ninggang ti luhur gustiii (ari pas nalika ka pengkeur terpesona eta randa ningali pameget nu ngagubrag ti luhur ninggang k anjeuna )
Nyakitu deui saud terpesona jeung te nyangka bahwa niat na maehan diri teh kalah di panggihkn jeung rejeky
Saud: nneengg punten nya..akang sareng cinta akang murag ti luhur (deg degan eta Saud nyarios bari ngagombal ka eta randa tina pikiran na sugan aya jodo)
Nya kitu deui randa sabalik na sugan iyeu jodo anu ragrag ti langit teh pikir na!!!
Ngaluaskeun eta Saud harita langsung nyarios te ningal waktos ku sabab tos te kiat hyg gera kawin...
Cek saud:neng randa akang bujang ibarat na neng +akang - janten = "(cek Saud make bahasa isyarat )
Randa: maksud akang?? (Cek randa kurang ngartos )
Saud: enya hartosna AKU+KAMU=KITA ,teras KITA bertemu CINTA=KUA
nya puguh atuh eta randa bungah ku sabab manggih bujang poe harita..
Bagja Saud bobogohan jeng eta randa dunia nu tadi na suram janten berwarna pikir nu tadi na hyg maot teh berubah hayang nambahan yuswa na...saking ku bungah na eta Saud di gulung ku cinta nepika poho anjeuna na ka nu kawasa lain loba syukur. .
Te di sangka te di duga da ari umur mh lain pangawasa manusa...hiji waktos Saud gagandengan lempang jeng ka bogoh na di jalan ku sabab cinta nu mawa buta eta saud lempang te ningal gigireun atau hareupeun "gubbraggg" saud jeng ka bogoh na ka tabrak mobil teras nuluy dina poe harita dipundut ku nu maha kawasa padahal anjeuna ker bagja di dunia tapi te syukur kana karunia pangeran ....janten leungit titel jomblo na di gentos ku titel almarhum (inna lillahi wa inna ilaihi rojii'uun )
No comments:
Post a Comment