Monday, March 5, 2018

CARPON :PANGALAMAN NYI IMAS JADI TKW ... SIIPLAH

carita rahayat sunda
Di hiji lembur ka sebat hiji wanoja anu ngagaduhan pameunteu geulis tur camperenik,someah ka saha wae kawas bentang nu nuju ka sohor dina waktos harita sarta anjeuna ka lebet murangkalih anu ngabaktos kanu janten ibu rama na...

Neng imas, tah eta nami anu sok di sebat kn ku wargi kampung dayeuh palih lebak mun ningali anjeuna na ngalangkung di jalan....

Neng imas mh ker geulis teh bear manah na ku sabab anjeuna na mh te tegaan kanu janten ibu rama mun ningal ka susah ningal ka peurih hirup sa aya2 tapi seuer pangabutuh na komo deui mun ningal rama na nu kantos sepuh sarta teu damang wae komo bari ningal rai2 na nu masih keneh aralit bari rea...merenung neng imas sarta mikiran kumaha cara na nulungan anu tiasa ngabantos kanu janten ibu rama...supaos teu susah.

...........Singkat carita.....

Aya hiji sponsor nu nawis kn ka neng imas supaos mangkat janten tkw ka Arab ,Nya puguh neng imas teu mikir panjang nga enya keun rek luluasan mangkat sanajan anjeuna kur bebekelan niat lahaola bari lulusan SD waktos harita...

puuung carita na imas ngapung ka nagara Arab niat rek damel janten tkw sanajan manah na beurat ningalkn nu janten keluargi tapi tekad na ngelehkeun rasa ka nalangsaan na..

Teu karaos tos samingon neng imas damel di Arab tapi anjeuna teu acan tiasa bahasa ku sabab anjeuna kaluaran sakola SD bari mangkat teu nyandak pangabisa iwal ti doa sareng lahaola...

Dina hiji mangsa neng imas bingung ta ya tung tung mikiran hiji kalimah bahasa Arab "motor " ku sabab iyeu kalimah sami tulisan tapi seuer hartina...

Cek madam: imaaas ta'ali sur'ah (imas ka dieu buru kn)

Imas: iya madam (imas ngawaler bari celengak celengok)

Madam: imas fi motor barroh ruhi khudi malaabis (imas di luar hujan cig enggal angkatan baju)

Imas : na'am (imas indit ka tukang bari pelenga pelengo mikiran naon anu di titah dunungan na sedeng keun imas inget na kana motor wungkul)

Ku sabab acan ngartos na imas kana bahasa Arab anjeuna ngartos kn eta kalimah asal sapamikiran na...

Kukulintingan imas neneangan motor da samaruk mereun dunungan na nitah mindahkn motor ku sabab hujan...

Teu kungsi lila dunungan na nyamperkn imas ka tukang

Madam: imas leess ma jibti malaabis (imas ku naon te dibawa baju teh)

imas: madam..motor..motor..mafi (cek imas madam motor mh eweuuhh bari ugal igeul bari ngageol eta neng imas metakn supaos dunungan na ngartieun bahasa isyarat)

Madam : imas...imas...mudhahhak inti (imas anjeun mh pikaserieun, bari seseurian dunungan na ningal tingkah imas)terus dunungan na metakeun bahasa isyarat yen anjeuna miwarang imas ngangkatan baju ku sabab hujan lain miwarang mindahkn motor

Imas: ooohh hujan nyah motor teh ari sugan teh? ? (Imas ka isinan bari nyarios dina manah)

No comments:

Post a Comment