Geus saminggu ieu hujan ngecrek taya eureunna. Teu beurang teu peuting,..cai siga nu dikucurkeun ti luhur langit. Kemis nu geus kaliwat ieu kajadian teh. Harita hujan lain saukur ngecrek,…ti wanci bada isya keneh hujan badag megatan jalma nu hayang lunta ti jero imah. Kitu deui kuring. Kemis harita teh bagean ngaronda. Tapi kulantaran hujan,..kuring teu nedunan kawajiban. Keur jongjon nu lis carpon,…di kamar loteng kadenge siga aya sora nu keketrok kana panto. Sigana mah nu keketrok

teh kajurung ku rasa keuheu,…sabab..dor darna sora gelap..nu meupeuskeun kasimpe peuting ka silih ku sora panto nu diketrok,…satengah didagoran. Kalacat kuring turun ti loteng,..karek ge cengkat lampu pareum. Rey…bulu punduk ting puringkak,…kulit leungeun nu carucukan balas ditotogan hawa peuting nu nyecep tiis. Sanajan keueung,..kuring panasaran turun ka handap,..bari susur sasar da poek. Di hareupeun panto sakedapan kuring ngajanteng,..rek muka panto inggis nu aya di luar teh jalma jahat. Hordeng ku kuring di singkabkeun,…di luar nu nyampak saukur poek mongkleng...euweuh sasaha. Gek kuring diuk,..hayang nyaho nu keketrok the datang deui atawa henteu,..saparapat jam lilana kuring diuk na kursi bari nyarande. Nu kadenge di luar saukur sora cihujan nu ninggang kana kanopi. Ah,..dedengean kuring meureun,..gerentes hate kuring bari cengkat rek naek deui ka luhur loteng. Barang nepi ka lawing panto kamar bray,…lampu caang. Kuring gogodeg,…laju kakamar nu luykeun hanca,..da lap top katempo masih keneh hurung. Teu karasa kuring kasarean. “…Kang…kang..kadenge sora pamajikan ngaguyah guyah,…ngahudangkeun. Nyah kuring beunta,…Aya naon Bu?...ceuk kuring. Aya nu keketrok di luar,..pokna bari katingali siga nu sepa. “Jam sabaraha ieu?..ceuk kuring bari nguniang hudang. Tos adan subuh,..tembalna pondok. Hayu atuh urang tingali ceuk kuring. Kuring turun ti loteng dituturkeun ku pamajikan. Memeh muka panto,..kuring ngoloyong heula ka dapur,…nyokot bedog betekok nu nyangsasa gigireun pago. Naha nyanyadak bedog Kang? Pamajikan kuring beuki sepa. Ahh..ieu mah jaja jaga we bu…ceuk kuring laju muka panto hareup. Barang panto dibuka,..gebeg kuring ngagebeg….dihareupeun panto aya lalaki ngajanteung bari ngahodhod siga nu kabulusan…biwirna geunteul,…sing horeng teh,…alo kuring nu datang ti lembut tadi jam 11 peuting….Beungeutna nu pias ayeuna katempo beuki sepa nempo kuring ngamang-ngamang bedog betekok. TAMAT
Kalacat naek.
ReplyDelete