Singkat carita tuluy diasupkeun ka penjara.
Hiji waktu si Entis narima surat ti bapana :
...."Tis bapa teh geus kolot geus rempo, ayeuna tereh usum melak jagong jeung suuk, maneh kalakah cicing di penjara, mun euweuh maneh moal aya nu mantuan macul di kebon atuh..."
Si Entis budak cerdas ngabales surat bari muter otakna :
...."Pa, eta kebon teh ulah waka dipacul atawa dipelakan nanaon, soalna uing ngaruang sanjata jeung pelorna didinya bisi kapancong ke ngabeledug !
...."Singhoreng surat balesan si Entis disensor ku Kepala rutan, atuh langsung dibéjakeun ka tim Densus.
..."Isukna kira wanci jm8, datang sapeleton Densus ka imah bapana bari marawa pakarang sabangsaning pacul, balincong jeung arit, teu loba omong deui langsung Densus ngabring kakebon bapana, maksud rek maculan bari neang barang bukti tea anu dikubur ku si Entis, tapi nepi ka anggeusna diparaculan weleh teu kapanggih eta barang bukti teh.
Sorena sanggeus tim Dénsus baralik,
bari semu reuwas bapa si Entis ngirim surat deui :
...."Tis tadi aya tim Densus ka imah, cenah mah deuk neangan bedil anu diruang kumaneh tea
Malahan kebon bapa diparaculan nepi anggeusna, gawir gawirna oge nepi ka linggih beresih dikarored, tapi iyeu gening tetep teu kapanggih bedil jeung pelorna anu diruang teh?
...."Tah bapa ayeuna kudu kumaha ???"
Si Entis ngabales suratna bari seuri koneng :
...."Pa ayeuna mah kiyeu,,,,
Panan eta kebon geus anggeus dipaculna, ngahaja tim Densus ku Entis dititah, Bapa teu kudu riweuh mikiran deui Entis, mun kitu mah tah eta kebon sok we geura pelakan.
Kepala rutan nusok nyensor surat tea langsung kerung bari nepak tarangna sorangan,
....."Gélooo siah otak aing eleh keneh, katipu ku si Entis teroris, mun kiyeu ka ayaan uing boro2 naek pangkat !!!
....Dasar teroris sunda !
Isukna bakat ku keuheul ka Entis, Kepala rutan tea langsung ngaluarkeun surat parentah ka bawahana, sina ngaluarkeun si Entis tipenjara
Caaag ...ah..." si Entis kaluar bari ngakak bakating ku bungah...😂
Alhamdulillah.....
Wilujeng Sasih Shaum.

Sumber : facebook.com/groups/
No comments:
Post a Comment